Senin, 08 Oktober 2012

Carita Pondok 1 (Alhamdulillah dimuat di Majalah Cupumanik)

          Waktu aku duduk si Bangku SMP kelas 8, Alhamdulillah  aku membuat banyak prestasi. Dari  Lomba dongeng mulai tingkat kota sampai tingkat Provinsi ga pernah ketinggalan juara. Salah satu prestasi lainnya adalah ternyata salah satu karya sastra aku dihargai dan dimuat di salah satu majalah sunda yaitu "Cupumanik". Alhamdulillah juga prestasi aku semua itu bisa bawa nama baik SMPN 3 Cimahi. Almamaterku. Ini suatu kebanggaan juga bisa ngasih jasa ke sekolah. Dan ini karya aku yang dimuat itu :

Judul : Saron Nu Sok Disana Sorangan


Poé  Kemis, kuring  jeung babaturan meunang pelajaran tambahan ti Bu Imas. Bu Imas téh guru Matematika di sakola kuring. Pelajaran tambahan téh dilaksanakeun di kelas MIPA. Ruang anu  pangtukangna.  Pelajaran tambahan téh réngsé, kira-kira tabuh opat soré. Murid-murid kabéh geus balalubar. Ngan tinggal kuring jeung babaturan, Hamzah, ngadon mandeurikeun manéh.
“Ka, anteur ka WC yu! Sakeudeung da!” ceuk Hamzah.

“Hayu”, témbal kuring.  Najan beurang keneh, harita rarasaan téh bet asa beda ti sasari. Ngadak-ngadak keueung pisan. Bérés ti WC kuring jeung Hamzah leumpang rada gagancangan sabab sieun téa. Waktu kuring jeung Hamzah ngaliwatan ruang kesenian, kuring ngagebeg, sabab ngadéngé sora tang...ting...tung...tang.... Sidik sora saron. Saron di ruang kesenian téh bet disada sorangan. Ningali kana panto ruang kesenian da dikaroncian. Kuring jeung Hamzah papelong-pelong, ngadérégdég sieun. Kuring langsung lumpat dituturkeun ku Hamzah.
Basa tepi ka gerbang sakola, kuring papanggih jeung Pa Edi satpam sakola kuring.
Bari haruhah-haréhoh, pok baé:  “Pa, Edi, iyyy……ngeriiii! Saron disarada sorangan di ruang kesenian” ceuk kuring bari ngabirigidig.
“Wah, ari taeun teh! Disada ku ucing meureun!” témbal Pa Edi bari nyengir.
“Ih bapa mah, piraku aya ucing bisa nakolan saron, Pa!”  témbal kuring deui.Bakat ku hayang diandel, najan bari sieun oge kuring nuntun Pa Edi ka ruang kesenian.
Nepi ka ruang kesenian, enya waé waktu ditoong téh éta ruangan kosong. Euweuh sasaha. Bari hemar-hemir,  kuring silih surung jeung Hamzah, milu mariksa éta ruangan. Kuring ningali daun jandéla nu semu burem ruang kesenian muka.   
“Tuh tingali, pira jandéla nu muka! Tadi bapa poho nyelotkeun! Paling ogé aya ucing asup!Jung geura baralik!  Dédéngéan wungkul meureunan!” ceuk
Pa Edi satengah ngambek. Kuring tungkul.
Meureun bener ceuk Pa Edi, éta saron nu disada sorangan téh ngan dédéngéan kuring jeung Hamzah wungkul. Kuring jeung Hamzah kaluar ti gerbang sakola bari haté mah masih kénéh panasaran.

           Di jalan, aya ibu-ibu keur ngarobrol deukeut warung nu perenahna tukangeun pisan sakola kuring. Najan teu pati jelas, kuring bisa ngadéngé naon anu diobrolkeunana téh. Nu diobrolkeun ku ibu-ibu téh geuning ngeunaan Pa Ayi, guru kesenian di SD Setia Manah Mandiri nu ngantunkeun tadi énjing. Ras ingetan kuring kana kajadian nu karandapan tadi téa. Deg, kuring téh ngadégdég deui, sieun.
          “Ah, takhayul! Takhayul!” kuring ngayakinekun diri sorangan. Kuring buru-buru balik ka imah.

           Nepi ka imah, saacan  istirahat, kuring nyaritakeun deui kajadian nu tadi karandapan di sakola ka pun biang. Tapi anjeunna mah teu percanteneun. Ahirna, ku lantaran capé, kuring langsung saré.
Isukna, poé Jumaah. Kabeneran di sakola kuring aya ekskul kasenian.nyeta Ekskul kaseian degung. Kuring rék nyaritakeun kajadian nu pikasieuneun téa ka Pa Asep, guru kasenian di sakola kuring. Tapi barang dicaritakeun, reaksi anjeunna sami. Anjeunna ogé teu percanteneun.
          Ekskul degung kuduna dimimitian jam dua belas. Ngan harita mah aya pentas seni, jadi ruang kasenian teh dipake pentas seni heula.Ekskul degung dipundurkeun ka jam tilu. Latihan téh nepi ka soré. Lantaran wanci nu geus maju ka poék,  kuring bet ngarasa   sieun aya di ieu ruangan teh. Ku Pa Asep kuring dititah ngawih sababaraha lagu.
          Keur ngeunah-ngeunah ngalagu, kuring teu ngahaja ngalieuk kana salah sahiji  kaca jandela di éta ruangan. Gebeg. Kuring nggebeg bakat ku reuwas. Rék teu reuwas kumaha, kuring téh nempo beungeut nu napel kana kaca. Ngan teu bisa ningali sacara jelas beungeut saha nu napel kana kaca jandéla téh,  da kaca jandelana burem.
           ”Itu sahaaaaa!!” kuring satengah ngajerit. Kabeh saeusi éta ruangan  téh rareuwaseun. Gubrag...! Kuring ngadéngé sora nu ngagubrag di luar, pas pisan handapeun jandéla nu tadi aya beungeut napel téa. Pa Asep gura-giru ningali ka luar. Barang ditingali, di luar aya budak saumuran kuring keur aduh-aduhan nyerieun. Eta budak téh ku Pa Asep dituntun ka jero ruangan tuluy ditanya ku naon bet tuang- toong ka éta ruangan. Manéhna ngajawab cenah manéhna téh hayang ngiluan ekskul degung. Hayang sakola di SMP kuring tapi indungna teu bisa nyakolakeunana. Manéhna ogé ngaku sok asup ka ruang degung, karesepna nakolan saron cenah. Asup ka ruang kesenian téh ngaliwatan jandéla nu kabeneran kamari teu dikonci ku Pa Edi.
           Hah? Jadi nu nakolan saron kamari teh budak éta? Euh lamun kitu mah jandéla nu kamari muka sorangan téh lantaran sok dipaké jalan asup ku éta budak téa? Kuring kakara engeuh.
Lamun inget kana éta  kajadian, kuring jadi seuri sorangan. Nyeungseurikeun kalakuan sorangan. Boro diwartoskeun ka Pa Satpam sareng Pa Asep di
sakola, ogé ka pun biang. Paingan aranjeunna teu percanteneun. Ahirna, kuring jadi sadar, sagala rupa kajadian téh kudu ditalungtik heula
bener jeung henteuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar