Senin, 10 Desember 2012

Naskah Pidato Bahasa Sunda : Hari Pahlawan



          Sateuacanna simkuring bade nyarita heula nya, ieu naskah biantara anu disusun ku simkuring nyalira. Harita teh 10 November 2012, aya perayaan Hari Pahlawan di sakola, SMAN 2 Cimahi, oge aya Lomba Biantara. Alhamdulillah kenging jadi juara ka-1 sa sakola SMAN 2 Cimahi. Ieu teh mangrupa hiji prestasi anu mudah-mudahan jadi lengkah raka kangge ka payunna, tiasa ngaseueuran prestasi raka deui. Amin Ya Mujibas Saailin...
          Sebelumnya, raka mau cerita dulu ya, ini adalah naskah pidato buatan raka sendiri. Waktu itu 10 November 2012, ada perayaan Hari Pahlawan di sekolah, SMAN 2 Cimahi, dan waktu itu ada lomba Biantara (bhs ind: Pidato). Biantara itu pidato pake bahasa Sunda. Dan alhamdulillah menang, Juara I se-sekolah. Ini prestasi pertama yang aku buat di SMAN 2 Cimahi ini. Semoga jadi langkah awal yang baik untuk bikin prestasi yang lebih banyak lagi, Aaaamin Ya Mujibas Saailin...

Punten ah pamer heula : 
Pamer dulu ah hehe:



Ieu naskah biantarana:
Ini naskah biantaranya:

Naskah Biantara Raka Firdansyah: 

Assalamu’alaikum wr. Wb.
Sampurasun
Nepangkeun, sim kuring Raka Firdansyah, wawakil ti kelas 10-6. Dina ieu kasempetan, sim kuring badé ngadugikeun biantara, anu ngabantun téma: “Figur Kaphlawan Di Éra Globalisasi.”
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Sateuacanna, mangga urang sasarengan, manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Suci, anu parantos maparin ni’mat ka urang sadayana, dugi ka tiasa kempel ngariung dina ieu kasempetan. Solawat sinareng salam, mugia salamina ngocor ngagolontor ka kersana Jungjunan urang sadayana, nabi Muhammad, saw. Ka kulawargina, ka para sohabatna, tur  dugi ka urang sadayana salaku umatna. Amin.....ya robbal’alamin
Hadirin sadayana anu ku sim kuring dipihormat,
Dina kahirupan sapopoé, urang tangtu mindeng nguping tur ngucapkeun kecap pahlawan. Naon ari nu dimaksud pahlawan téh?
Pahlawan nyaéta jalma anu gedé jasana keur kahirupan balaréa. Jalma anu ihlas ngorbankeun jiwa ragana pikeun kapentingan saréréa. Pahlawan téh jalma anu bisa dijadikeun inspirasi keur kamajuan saréréa.
Dina jaman perjuangan. Mangrébu-rébu jalma palastra dina pangperangan ngalawan bangsa penjajah pikeun mertahankeun nagara Indonésia. Tapi, ayeuna, sabada nagara urang merdika, saha atuh anu disebut pahlawan téh? Grup band, boy band, atawa saha?
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Bangsa urang ayeuna mikabutuh figur-figur pahlawan. Nu ihlas pikeun singkil soson-soson bajuang keur kamajuan balaréa. Nya di antarana nyaéta. Guru. Sok sanajan ibu-bapa guru henteu mamanggul senjata pikeun bajoang, ibu-bapa guru dipiwanoh salaku pahlawan bangsa. Pahlawan tanpa tanda jasa. Ibu-bapa guru ageung pisan jasa-jasana pikeun ngadidik kamajuan masarakat Indonésia.
Di sakola, guru ngajarkeun urang rupa-rupa élmu pangaweruh, sangkan urang jadi siswa anu soléh tur soléhah, saimang antara ipték jeung imtakna, sangkan bisa jadi generasi anu bisa ngaronjatkeun kamajuan bangsa jeung nagara Indonesia.
Tapi, lamun ku urang diperhatikeun, kahirupan generasi ngora jaman ayeuna, asa pikahariwangeun. Ma’na kapahlawanan jeung nasionalismena geus dijajah ku rupa-rupa pangaruh négatif. Saperti nyandu kana narkoba, minuman keras, roko, géng motor, tawuran, pergaulan bébas jeung sajabana. Ieu hal ku urang kudu dijauhan.
Hadirin sadayana anu ku sim kuring dipihormat,
Hal-hal négatif anu ku sim kuring ditataan di luhur, tangtu baé kudu ditéangan solusina. Pikeun bisa ngahindar tina ajén-ajén négatif pergaulan téh di antara milu ilubiung sacara aktif dina kagiatan ékstrakulikulér di sakola. Urang bisa milih ékskul anu luyu jeung bakat tur minat urang. Ku cara kitu, urang bisa nuyun diri sorangan pikeun ngalarapkeun ajén inajén kapahlawanan dina kahirupan sapopoé.
Hadirin sadayana anu ku sim kuring dipihormat,
Kacindekan tina ieu biantara nyaéta, lamun urang acan bisa jadi pahlawan keur balaréa, urang bisa ngamimitian jadi pahlawan keur diri urang sorangan. Hal ieu bisa dilakukeun ku cara, jadi anak anu soléh keur kulawarga urang, jadi siswa anu bageur keur sakola urang, jauhan narkoba, roko, obat-obatan nu teu halal, jeung hal-hal séjénna nu bisa ngaruksak kana kahirupan diri sorangan, kulawarga jeung masarakat.
Saninten buah saninten
Dicandak ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Wassalamu’alaikum wr. Wb
HURIP SUNDA

3 komentar: